ach,,,,,geuningan kieu ari hirup teh nya,,,, aya ngeunahna,,, tapi loba oge teu ngeunahna,,, sajeroning kuring ngambah sagara dunya,,, nyucruk galuh nyiar pangalaman,,, tug nepi ka kuring bisa ngabedakeun,,, mana anu hade jeung nu goreng,,, mana anu hak jeung mana anu batil,,, tapi tetep eta can bisa minuhan harepan,,, boh eta harepan kuring,,, atawa kolot-kolot kuring,,, kunaon sababna kuring nyebut "kolot-kolot",,, kusabab salila kuring ngumbara,,, loba pisan jalma anu merean elmu ka kuring,,, mun kolot nya dianggap sepuh,,, mun ngora nya dianggap dulur,,, syukur moal kendat ku kuring ucapkeun ka 4JJI SWT,,, anu parantos maparinan nikmat anu teu aya hinggana,,, diantarana nikmat panjang umur,,, tug nepi kuring masih keneh hirup sehat wal afiat nepi ka ayeuna,,, ach,,, geuningan loba pisan anu ku kuring acan dipikanyaho,,, perjalanan kuring masih panjang,,,
|
|